Text
Guguritan
Dina sajarahna, guguritan teh lain asli hasil budaya urang Sunda. Tapi hasil 'nginjeum' tina budaya Jawa ngaliwatan para Bupati nu unggal taun kudu seba ka Mataram basa Tatar Sunda aya dina kakuasaan Mataram ti abad ka-17. Di Mataram, para Bupati kudu matuh sawatara waktu bari diajar rupa-rupa budaya Jawa saperti undak usuk basa, adat kabiasaan, tembang, guguritan jeung nganggitna, jrd. Mulang ka lembur, eta kabisa disebarkeun, pangpangna di lingkungan kulawarga jeung para menak nu mindeng deuheus ka para Bupati. Ku kituna, guguritan kakara aya tapakna dina tulisan-tulisan abad ka-19 ka dieunakeun.
b0000821 | 499.2232 AJI g c.1 | My Library | Tersedia |
Tidak tersedia versi lain